sebutkeun jeng jelasken jenis jenis dongeng
Bahasa lain
RusdahAriyani5134
Pertanyaan
sebutkeun jeng jelasken jenis jenis dongeng
2 Jawaban
-
1. Jawaban alyaa631
Dongeng nyaeta karya sastra mangrupa carita rekaan atawa hayal dina wangun lancaran atawa sok disebut oge prosa. Aya dua rupa prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Dongeng kaasup kana prosa buhun. Conto prosa buhun lianna nyaeta carita pantun. Sedengkeun conto prosa modern nyaeta saperti carpon jeung novel.
Di handap ieu dijentrekeun rupa-rupa dongeng anu aya jeung contona :
1. Dongeng fabel nyaeta carita rekaan anu ngagambarkeun watak atawa budi pekerti jelema anu diibaratkeun kana sasatoan, tatangkalan atawa barang. Dongeng fabel nyaritakeun kalakuan sasatoan anu dicaritakeun kawas jelema, saperti aya sato bisa nyarita jeung ngagunakeun akal sarta pikiran. Contona saperti dongeng Si Kancil jeung Buhaya, Monyet jeung Kuya, Si Kancil Maling Bonteng, jeung sajabana.
2. Dongeng parabel nyaeta carita rekaan pikeun nepikeun ajaran-ajaran saperti moral, agama atawa kabeneran ku jalan ngagunakeun babandingan atawa ibarat. Umpama dina fabel mah, ngaibaratkeunana teh sok ngagunakeun sasatoan, tatangkalan atawa barang, dina parabel mah ngaibaratkeunana teh ku ngagunakeun jalma anu dianggap mahiwal ti batur. Caritana loba pikaseurieun, tapi ngandung atikan. Contona saperti dongeng Si Kabayan, atawa saduran ti nagara sejen saperti dongeng Abu Nawas, Si Congcorang, Nasarudin.
3. Dongeng mite nyaeta mangrupakeun carita rakyat anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu ku masarakat dianggap karamat. Carita nu aya dina mite miboga latar waktu jaman baheula, anu ngandung carita ngeunaan alam semesta sarta mahluk nu aya di jerona, sarta dianggap bener-bener kajadian ku anu nulis eta carita atawa ku panganutna. Contona saperti dongeng Maung Kajajaden jeung Dongeng Ngipri.
4. Dongeng sasakala atawa legenda nyaeta carita nu dipercaya ku sababaraha penduduk satempat yen carita eta teh bener-bener kungsi aya atawa kungsi kajadian, tapi henteu dianggap suci atawa sakral saperti dongeng mite. Contona naeta saperti dongeng sasakala Situ Bagendit, Sasakala Situ Patenggang.
5. Dongeng sage nyaeta carita anu aya hubunganana jeung carita sajarah, anu nyaritakeun kapahlawanan, kawanian, kasaktian sarta kaajaiban hiji jalma. Dongeng sage biasana mangrupa carita ngeunaa peperangan di jaman baheula, anu umumna caritana panjang jeung esuina nyaritakeun kapahlawanan, jalma sohor anu legendaris. Contona saperti dongeng Prabu Siliwangi, Dipati Ukur
semoga membantu -
2. Jawaban eruzlan
- dongeng sasatoan , nyaeta palaku adalah sasatoan
- dongeng sasakala, nyaeta nyarita asal muasal jadian.hiji tempat
- dongeng babad, nyarita kajadian anu ngandung unsur sajarah
- dongeng para nabi Atawa wali
- dongeng pieunteungeun , nyaeta anu eusina mangrupa tuladan pikeun manusia
- dongeng Pamulang, nyaeta dongeng anu nyarita kagagahan Atawa kasakten hiji jalma....