Saha wae palaku di dongeng ajag nangtang jelema
B. Daerah
fujisania
Pertanyaan
Saha wae palaku di dongeng ajag nangtang jelema
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Dongeng
Kelas : VII (1 SMP)
Pembahasan :
Dina dongeng Sunda aya dongeng anu miboga judul "Ajag Nangtang Jelema". Aya sababaraha rupa dongeng. Dongeng "Ajag Nangtang Jelema" teh kaasup kana rupa dongeng anu disebut fabel. Dina dongeng aya unsur anu disebut unsur intrinsik jeung unsur ekstrinsik. Salah sahiji unsur intrinsik anu aya dina dongeng nyaeta unsur palaku. Palaku anu aya dina dongeng "Ajag Nangtang Jelema" nyaeta ajag, peucang, budak sakola, aki-aki jeung paninggaran.
Dongeng teh mangrupa karya sastra dina wangun lancaran atawa sok disebut oge prosa. Aya dua rupa prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Dongeng teh kaasupna kana prosa buhun. Conto karya satra dina wangun prosa buhun lianna, salian ti dongeng, nyata saperti carita wayang. Sedengkeun conto karya sastra dina wangun prosa modern nyaeta saperti novel jeung carita pondok atawa carpon.